HIRUP
Oleh Ato Paskal Hirup lir ibarat lengkah Sing ati ati tur tarapti nincak ulah ngan saukur lengkah bari komo jeung dudupak rurumpak bisi manggih beling nu pastina bakal nygagk Hirup jeung kahirupan lir ibarat lengkah jeung tujuan lengkah merenah nu ku dilampah tinangku barokah tujuan nu ku urang baris kahontal Panggoda dunya tong dijadikeun alasan pikeun ngalengkah salah lantaran bala tangtuna bakal karasa Kamajuan dunya kudu dibarengan ku motekar akal jeung lengkah nu basajan lengkah merenah kahirupa barokah CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULA Ato Suharto Rundayan carita mangsa harita masih natra dina rasa tatali asih nu mengkeut pageuh nepi ka kiwari tetep euntreup kawas si leugeut teureup Katresna teu ilang singray najan umur rek nepi ka kubur kasono teu weleh pogot najan jiwa geus teu deui ngora Duh Gusti nu maha welas tur asih jagi tali rabi abdi dugi ka aki nini teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri Nyai panutan akang kasatiaan modal utama ulah nepi ka dirogahala ku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara Kabagjaan lain diukur ku lobana brana lain dihias kureuncemna emas kabagjaan pasti nyaangan urang mun iman jeung takwa jadi sareat urang dina enggoning ngabangun rumah tangga Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna urang jaga ulah nepi ka sirna sangkan urang tetep waluya nepi ka pantona sorga.. Amin.... KASATIAAN ANJEUN Ato Suharto Dua puluh taun urang ngawangun juntrung nangtung, panceg teu gedag sagara rumah tangga nu ku urang di sorang teu loba leuwang najan harungan sok rajeun datang Kasatiaan anjeun cukang nu jadi lantaran kabagjaan nu pohara, najan banda ngan saayana kasatuhuan anjeun jadi jalan panghalang akang mun rek nganjang ka mojang lian Geulis... pupusten rasa nu ayeuna aya sangkan rumah tangga tetep waluya nepi ka umur pegat di dunya Geulis... jaga sing tarapti pangaji diri sangkan Illahi masihan widi laki rabi urang sing nepi ka aki nini Geulis... buah katresna urang geus parawan jeung geus bujang rawat ku sayahadat tur shalat sangkan hirupna bisa mangfaat keur umat |
ANAKING
Ato Suharto Anaking... regepkeun piwuruk ema hidep sangkan hirup rahayu jeng berkah tur bagja Anaking.. tiru jeng gugu pasipatan ema sabab ciri sagala wanoja natra aya dina diri ema Bapa bagja rumah tangga jeung ema najan kadang sok manggih tunggara ema tetep ngawula ka bapa pinuh ku rasa katresna Anaking.. hirupmah sadar jeung eling mun hideup mamawa wejangan ema bakal pasti salawasna eling Anaking.. hideup geus nincak mangsa dewasa omat ulah kagoda ku hawa dunya nu kadang mawa cilaka Bapa jeung ema teu boga warisan banda pohara teu boga tanah nu lega komo deui emas permata Bapak jeung ema ngan boga do'a sangkan hideup hirup waluya dibeungkeut ku iman jeung takwa bekel urang ngumpul engke di surga URANG JEUNG WAYANG Ato Suharto Kiwari lain kamari tapi ayeuna Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekel naratas jalan sangkan lolongkrang, teu katutupan jalan Lumampah di alam dunya ceunah darma wawayangan usik malik diobah ku dalang Tapi urang lain wayang sabab wayang moal boga kahayang, da wayang mangrupa barang Lumampah urang tangtu ngajojo kahayang hayang tandang, pakan jeung sandang sabab urang boga akal jeung pikiran lain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit ati tuluy jadi hoream ngahontal kahayang gagal lain hartina lengiteun akal tapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeun rurungkan nu ngahalangan jalan Sing percaya kana diri nu dianti pasti ngawujud bukti asal usaha jeung percaya kanu Maha Suci Urang beda jeung wayang lantaran urang boga akal jeung pikiran wayang ngan ukur parabot dalang nu dipirig ku gamelan dina acara hiburan KATRESNA AKANG Ato Suharto Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman, moal leeh ku serabna panon poe najan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjang cinta akang moal gedag ku panggoda wanoja Nyai..., cinta akang nu sajati satungtung anjeun satuhu nyumponan kawajiban ka caroge akang moal rek lanca linci luncat mulang Nyai..., pupunden hate akang tong rempan sanajan urang paanggang cinta akang lain ngan ukur kalangkang clik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun Nyai..., citresna akang nu utama kabagjaan nu ku urang ayeuna dirasa omat ulah nepi ka dirogahala kupangbibita dunya nu moal pasti sampurna Nyai..., bojo akang anu geulis sing tarapti ngajaga diri sangkan urang tetep waluya dina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang |