SA'IR SUNDA
Neda maap kasadaya wargi Ka pameget rawuh istri Leu suluk dijieun sair Sugan kasasar ku pikir Carita kitab anu ditukil Nyokot misil nu jadi hasil Ieu jaman parantos ahir Bakal maot kudu dipikir Ulah atoh ku loba duit Lain duit pati hurip Raoskeun mun datang sakit Sakumaha lobana duit Ari diri saperti kembang Di dunya pikir kumambang Malati di pingging lombang Geus ligar murag ka lombang Poe ieu bisa leumpang Poe isuk can kawangwang poe ieu urang senang Isukan mah biheung mulang Kembang malati rupana bodas Sedep seungit sajeroning ati Sok bimbang mikiran diri Kumaha isuk nepi ka janji Nu kasebat enggeus yakin Rasa dua ngangin-ngangin Karaos hirup jeung mati Gusti Allah wajib ayana Euweuh dina ayana Geura tareangan dzatna Engke harti sadayana Dua puluh sipatna pangeran Dzatna kudu teangan Sangkan ulah kabingungan Kakat diri soarangan Wali turutaneun urang Ulah salah tekad urang Ulah ngaganggu nu ngalarang Eta teh omongan baruwang Ulah iman ka barang ruksak Qur'anul adim sing kapendak Ulah eureun memeh mendak Ulah kawas ngaji budak Ulah katungkul ku dunya Teangan elmu sampurna napsu mah taya putusna karasa dina pupusna |
Kapir lain walanda cina
Kapir teh nu jahat atina Nu ngumbar bae napsuna Kanu goreng taya pegatna Halan jahat mah babri Jalan hade rasana nyeri Elmu teh kudu pilari Nuduhkeun jalan lastari Sing isin ku nu kawasa Nu bareng henteu papisah Eta nu murba kawasa Terang ka sagala dosa Malikan malati tadi Resp kanu beresih ati Amis budi carita ilmi Matak narik manah resmi Mudu madi cai bu suci Lain cai ngala ti kali Cai suci di jero ati Cai suci matak beresih Teangan di badan urang Aya cai bening nya herang Mudu nanjak gunung larang Kunci larang alam padang Meungpeung hirup kudu guguru Sangkan salamet di ditu Laku lampah kudu jeung ilmu lahir batin gampang katimu Teangan kubur nu tangtu Lain kubur tutup batu Kubur hirup di jero kalbu Nyaeta sipatna elmu Poek ati poek bulan Poek bulan poek iman Lain caang caang bulan Da lain caangna iman Paribasa tetepkeun iman tetepna dimana kutan Nyaho ge iman teu acan Da lain caangna bulan Ngaji teh ulah ngajibris Mun ngaji mudu ngajinis Ngaji badan masing tapis Ma'na qu'an lapis-lapis Bisa ngaji ulah kumaki Mun tacan isbat jeung napi Dalil qur'an kudu harti Jauh keneh kana tepi |
Euweuh deui sipat hirup
Anging dat Allah nu cukup Masing ngarti urang hirup Mun harti ngelmuna cukup Ulah hirup nya hirup urang Nuduh Allah di Awang-awang Nu kitu jalma badawang Kahakanana bugang Allah ningali ka urang Urang ningal hirup urang Panon teh dipipinding terang Manahan ku ahli ngarang Sembahyang kudu husu Mudu tutup sakabeh napsu Napsu opat ulah metu Lain solat nangtung kitu Allahu Akbar kudu ta'jim Mudu sidik ka alam batin Lain beurang lain peuting Lalangse beureum jeung kuning geus euweuh wujud kaula Didinya naon nu aya Lain akbar kapala mata Akbar anu sajatina Kaula geus henteu aya Ganti,Pangeran nu aya Nyebut aya teu ngarasa Manahan ku ahli rasa Sair waca senengna pikir Mun lepat mangga dipungkir Wantu wantu kecap sair Sabijina tina pikir Ieu sair urang tutup geus wengi urang arasup Seungit malati geus kaambu Kulambu geura pek ringkup |